
KARATAGAN PAGUYUBAN PASUNDAN
Laras : Pelog
Surupan : 1 = T
Gerakan : Gandang
Tandang jiwa ki sunda
Daweung ludeung sawawa
Gurat kalang satangtungan
Daweung ludeung sawawa
Gurat kalang satangtungan
Tatandang panceg udagan
Paguyuban Pasundan
Paguyuban Pasundan
Mularasa basa budaya jeung bangsa
Paguyuban Pasundan
Jadi puseur perjuangan ki sunda
Hayu rambatirata
Jadi puseur perjuangan ki sunda
Hayu rambatirata
Satitis ti siliwangi
Sajajar ti padjadjaran
Hayu jungjung wibawa
Jembar daya ki sunda wawangi Nusantara
Paguyuban Pasundan
Paguyuban Pasundan
Sajajar ti padjadjaran
Hayu jungjung wibawa
Jembar daya ki sunda wawangi Nusantara
Paguyuban Pasundan
Paguyuban Pasundan